Si Kabayan Ngudag Obor Asean Games

ASEAN Games sakeudeung deui rek diawitan. Obor anu diseuneuan ti India geus dibawa lulumpatan. Pikeun ngareuah-reuah pesta olah raga Asia, Si Abah jeung Si Kabayan geus siap-siap megat anu mawa obar Asean Games. Maranehna rek milu lumpat nuturkeun jalma anu ngalumpatkeun obor tea.

“ Supaya katempo gebrayna cahaya obor, engke we geus magrib,” ceuk Si Abah ka Si Kabayan. “ Siap Bos, Indonesia juara, Didadaku Garuda !” ceuk Si Kabayan bari meureup, sumanget pisan.

Wanci magrib, Mitoha jeung Minantu geus marake baju saragam olah raga, calana buntung jeung kaos Persib, lantaran ngan kaos eta anu diparibogana. Barang maranehna keur ngajarega dijalan, megat obor liwat, Si Cepot curinghak.

“ Siaaaaaap !” cenah. Si Abah lunga-lengo. Manehna nempo cahaya obor nyilak ti kajauhan. Beuki deukeut-beuki deukeut katempo aya jalma mamawa obor. Seuneuna kucap kiceup katebak angin peuting. Sanggeus nepi ka eta dua jalu, Si Abah jeung Si Kabayan sikep sempurna.

“ Majut……jalan !” ceuk Si Abah bari nuturkeun jalma anu mawa obor tea. Si Kabayan nuturkeun ti tukang. “ Geuning teu lumpat Abah ?” ceuk Si Kabayan.
“ Capeeun meureun,” tembal Si Abah.
“ Ngan duaan ?” ceuk Si Kabayan deui.
“ Engke lolobana mah sanggeus nepi ka Pendopo, “ tembal Si Abah. Si Kabayan nyidik-nyidik jalma anu mawa obar tea.

“ Naha anu saurang bet mawa lambit Abah ? ceuk Si Kabayan.

“ Sigana mah nempokeun kabudayaan urang, budaya tatanen, melak pare jeung melak lauk meureun,” tembal Si Abah.

Sanggeus rada lila nuturkeun, Jalma anu mawa obor tea mengkol ka sawah, Si Kabayan ngarandeg, rada heraneun. “ Naha obor Asean Games teh bet mengkol ka sawah Abah ?” ceuk Si Kabayan.

“ Kamana we meureun daekna, loba carita teuing,” tembal Si Abah bari rada kerung.

Reg jalma anu mawa obor ngarandeg, rurat-reret ka susukan. Kucuprak teh manehna turun bari nungkupkeun lambitna . Koek-koek sora kodok siga anu kapencet.

Si Kabayan ngagorowok. “ Abah, naha geuning obor Asean Games teh bet dipake ngobor solokan?” ceuk Si Dewala.

Eta jalma anu ngobor ngalieuk. “ Na da abdima mah nuju ngobor bangkong, sanes Asean Games,” ceuk Anu Ngobor.

Si Kabayan manyun. “ Ari Abah lain make tatanya heula, geuning ieu mah lain obor Asean Games,” ceuk Si Kabayan bari neuteup beungeut Si Abah.

“ Nyaeta, Abah ge rek tatanya rada era, bisi majarkeun euweuh kanyaho,” ceuk Si Abah bari nulak cangkeng.

“ Hanas make pakean olah raga, cape-cape nutureun obor bangkong. Sok salah wae Abah mah, majar obor ti India, sihoreng obor bangkong,”ceuk Si Kabayan. “ Saruana jeung maneh, Kabayan. Lain pek tanya heula atuh.” Ceuk Si Abah. Manehna balik kanan mulang ka kampungna.

Si Ambu jeung Nyi Iteung ngajarega di lawang panto. “ Aya obor Asean Games teh, Abah ?” ceuk Si Ambu. “ Ari oborna mah aya,” tembal Si Abah bari kuram-kireum. “ Ayeuna geus tepi kamana Kang Kabayan ?” ceuk Si Iteung. “ Geus tepi ka susukan, ngala bangkong,” tembal Si Kabayan bari gek diuk dina golodok.

Nyi Iteung kerung. “ Har, naha aya obor Asean Games ke susukan sagala. Boa enya eta mah, obor bangkong,” ceuk Nyi Iteung. “ Sigana mah kitu. Hanjakal percaya ka Si Abah, dasar pikun,” ceuk Si Kabayan.

Si Abah nyereng. “ Nyebut pikun sagala ka kolot, puguh maneh anu ontohod mah Kabayan, ngerakeun kolot, lain pek eureun ari nyaho obor bangkong mah !” ceuk Si Abah.

“ Har, apan Abah anu mingpin, uing rek nyayahoanan sieun hapa hui,”ceuk Si Kabayan. Nyi Iteung jeung Si Ambu ngehkey sareuri bangun anu ngeunaheun pisan.

“ Na ceuk saha atuh obor Asean Games make rek liwat ka lembur urang. Asa teu kaharti ku uteuk saeutikeutik acana !” ceuk Si Ambu. Si Abah api-api teu ngadenge. Si Kabayan geus nyegrek sare, capeeun meureun. (*)