Minggu, 28 Mei 2023

Sabda Pandita, Kade Bisi Eleh, Era Jang !

- Rabu, 7 November 2018 | 01:39 WIB

Di Astina Pura, ceuk calon Raja, Raden Jaka Widadi, geus euweuh jalma ngora anu payus jadi calon wawakil raja. Sanggeus dijejerjejer, sakabeh jalma ngora anu ngasong-ngasong beungeut ka manehna, estuning euweuh anu kapake. “ Naon margina teu kaanggo anu aranom Raden ?” ceuk Batara Kresna anu harita nganjang ka Astina Pura. “ Ah, mung sarupi we Kakang Batara,” tembal Raden Jaka Widadi. “ Muhun, anu sarupi teh naon ?” ceuk Batara Kresna deui bari mesem. “ Kurang kolot,” tembal Raden Jaka Widadi pondok. “ Apan aya Aki Semar Raden.” Ceuk Batara Kresna. “ Aki Semar mah lain kolot, kokoloteun eta mah Kakang,” “ Ari Resi Kombayana ?” “ Anu eta mah kokolot begog,” Ceuk manehna, anu bener-bener kolot kalayan asli kolotna, dipikolot ku sarerea jeung kolot dina sagala halna iwal ti Pandita Bisma. “ Janten Raden bade milih wawakil Pandita Bisma ?, Moal sepuh teuing, yuswana parantos 75 taun “ ceuk Batara Kresna. “ Geuning di Malaysia oge, Perdana Menteri anu anyar kapilih umurna 82 tahun, urang ngeunteung kadinya we Kakang Batara,” ceuk Prabu Jaka Widadi. “ Nya atuh kumaha salira we da mung salira anu tiasa nangtoskeun,” ceuk Batara Kresna bari amit mundur rek ngulincer ka nagara Amarta Pura. Di Tapel Wates nagara Amarta Pura, Batara Kresna tepung jeung rombongan panakawan, Lurah Semar saparakanca. “ Haturan Kakang Batara, kumaha saurna info ti Astinapura, saha anu janten wawakil calon raja teh, sun ?” ceuk Lurah Semar. “ Geus ditetepkeun, Uwa. Jalma anu pangkolotna, nyaeta Pandita Resi Bisma,” tembal Batara Kresna. “ Kutan,” tembal Lurah Semar pondok. Anak-anak Lurah Semar pating olohok. “ Padahal Resi Bisma mah teu masang Baligo siga Kang Imin nya Bapa,” ceuk Si Cepot. “ Atuh Bapa uing we sina nyalon ti kamarina ari kudu ku kolot mah,” ceuk Si Gareng. Lurah Semar molotot. Sigana mah kabeneran, Resi Bisma liwat ka eta rombongan anu keur galuntreng ngaromongkeun. “ Ngabahas naon ?” ceuk Resi Bisma. “ Katuran Pak Wakil Raja !” ceuk panakawan bari narewak leungeun Resi Bisma, kecrot-kecrot dicariuman. “ Naon tea ieu teh, asa rareuwas, karek oge narima ondangan ti Calon Raja, geus ribut, ?” ceuk Resi Bisma. “ Kakang Resi pisan anu kapilih ku Calon Raja Jaka Widadi, sun,” ceuk Batara Kresna. “ Syukur Alhamdulilla, kalayan teu kaimpi-impikeun acan. Tangtu we ditampi kuastakalih, na saha jelemana anu teu hayang jadi wawakil raja,” tembal Resi Bisma. “ Apan Mama Resi mah parantos sepuh ?” ceuk Si Cepot. “ Beu, Pot, Ama mah tua-tua keladi, kaluhur 75 ari kahandap mah 57, geus waktuna para Pandita milu ngabina umat salaku pamarentah langsung. Jeung deui, apan gajihna gede pisan. Hatur nuhun…hatur nuhun. Darukung we Ama kusadayana. Kade bisi eleh, Ama era …jang,” ceuk Resi Bisma bari nuluykeun lalampahanana ka Karajaan Astinapura. (*)

Editor: Radar Cianjur

Tags

Terkini

Penyidik Kantongi Bukti Mario Dandy Cabuli AG

Sabtu, 27 Mei 2023 | 18:20 WIB

20 Mapel di Seleksi PPPK Guru

Jumat, 19 Mei 2023 | 23:52 WIB
X