ENGKO Rona ti daratan Cina geus langlangbuana ka Mancanagara. Ampir kabeh kota gede di alam dunya geus diloklokdon, nepika jalma teu bisa kaluar asup ka eta kota. Engko Rona seuri nalika nempo Kota Amarta Pura. Manehna geus cita-cita rek ngangganggu Si Cepot di Desa Tumaritis. “Si weungeut weuleum ku owe dileweg ciah,” ceuk Engko Rona nalika geus tepi ka wewengkon Tumaritis. Si Cepot ngajega di lawang wates Desa. “Teu ngaholmat ka owe ciamah Pot,” ceuk Engko Rona barang nempo Si Cepot teu make masker. “Nu kitu patut kudu dihormat, ke heula anan,” ceuk Si Cepot. “Ku owe dibere panas awak maneh tilu puluh dayapang dalajat,” ceuk Engko Rona ngancam. “Siapa takut !” ceuk Si Cepot bari meureup. Engko Rona siap-siap rek ngagabrug Si Cepot. “Hiyaaaat !” cenah bari pepeta nurutan pamaen film Kung Fu. Barang rek adek kana awak Si Cepot, buru-buru Si Cepot ngaluarkeun jahe beureum tina pesak baju hideungna. “Et, lebok jahe beureum Jurig !” ceuk Si Cepot. Engko Rona ngarumpuyuk. Jadol teh, Ci Kulangajal, lieul.... owe, aduh...tuyung,” ceuk Engko Rona bari gigisik. Matana ngajendol sagede-gede siki jambe. Si Cepot maledogkeun jahe beureumna kana hulu Engko Rona. Jerejes hulu Engko Rona ngagolak, bul ngebul. Awak Engko Rona barubah jadi haseup. Si Cepot ngebutkeun sampingna, eta haseup Engko Rona ngabret nepi ka nagara Itali. Kocap ieu carita, nagara Itali di Eropa kacida gujrudna. Mangreburebu jelema tumpur. Lantaran maranehna mah teu ngabogaan jimat Jahe Beureum kawas anu Si Cepot. Kulantaran jimat jahe beureum bisa ngusir Engko Rona, ngadadak haregana ngamahalan. Ampir sakabeh jalma di alam dunya nareangan jahe beureum pikeun panyinglar Engko Rona. Malahan di Amarta, masker geus teu diparake. Gagantina, beungeut jalma dipopokan ku papagan jahe beureum. Nepika bengeutna jadi bareureum siga beungeut Si Cepot. “Alhamdulillah loba batur anu beungeutna bareureum siga uing,” ceuk Si Cepot. Anu kacida atohanana mah Jang Saef Lukman sabab sangkaanana beuki ngalobaan balad PDIP. Komo deui sanggeus ngadukung calon Bupati Cianjur, Herman Suherman. “Pasti laris Si Beureim teh,” ceuk Jang Saef bari ngacungkeun jempolna. (*)